Lirik Lagu Es Lilin
Keterangan
Jenis Lirik | : | Lagu Daerah |
Asal Daerah | : | Jawa Barat |
Ciptaan | : | ..... |
Penulisan Lirik | : | ditulis secara singkat |
Isi Lirik
I
Es lilin mah Didorong - dorong,
Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga,
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung,
Dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung,
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding,
Digantelan geuning ku saputangan
Itu saha dunungan ku ginding teuing,
Sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapan...
Raosna mah geuningan Kabina - bina
Abdi alim dunungan paduduan...
Sok sieun mah dibantun Kamana - mana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir,
Ka kaler mah ka kaler katojo bulan
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir,
Moal paler geuningan da ku sabulan