Lirik Lagu Peuyeum Bandung
Keterangan
Jenis Lirik | : | Lagu Daerah |
Asal Daerah | : | Jawa Barat |
Ciptaan | : | ..... |
Penulisan Lirik | : | ditulis secara singkat |
Isi Lirik
I
Dimana - mana,
Di kampung di kota
Tos kakoncara,
Ku nikmat rasana
Sampeu asalna,
Teu Direka - reka
Naon namina,
Duh matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur,
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh,
Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian,
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung,
Henteu sambarangan